Ketawa-ketiwi

Candu

Hiji isuk, Kabayan keur nikmat siduru hareupeun hawu. Teu nikmat kumaha atuh, di luar reumis jeung pepedut mawa hawa tiis nu kacida. Tong boro Kabayan nu sapopoena tara leupas ti sarung, jiga na mah mun aya penguin datang harita, moal burung diharudum simut. Bakat ku tiris. Jadi, siduru hareupeun hawu, komo mun diembohan cikopi jeung bubuy sampeu mah, nikmat kacida. “Emh, paingan candu dilarang ku pamarentah, da kieu geuning! Nya ngahalangan, nya ngeunah sorangan,” ceuk Iteung murukusunu. “Naon Teung? Candu? Untung Akang mah tara nyandu. Ngaroko ge saayana. Aya bae diudud, henteu nya menta ka Abah,” ujar Kabayan. “Lain udud-udud! Candu nu pikasebeleun teh ieu yeuh, jiga Akang! Candukul hareupeun hawu, ngahalangan batur nu deuk digawe. kadituh..indit!” Ceu Iteung poporongos ngusir salakina. (Abahetet)

Tinggalkan Balasan

Please log in using one of these methods to post your comment:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.